Rabu, 17 Juni 2009

CARITA PONDOK

Azizah Masithoh

LUKISAN

Geus tilu poe ayeuna kuring anteng neuteup lukisan nu aya di dapur. Lukisan ukuran kira sameter ka satengah meter teh memang geus mangtaun-taun aya di dapur, ti saprak dibeuli sapuluh taun katukang. Kuring sorangan weleh teu ngarti, naha bet jadi kataji pisan kana lukisan nu salila ieu ukur diteuteup sakasampeurna. Teu diperhatikeun dititenan, angot nepi ka diapresiasi mah. Jajauheun, keur mah eukeur teu pati weruh kana ngajen lukisan teh.

Basajan pisan, ilaharna lukisan-lukisan nu sok dijual di emper-emper alun-alun. Pamandangan situ nu ditengahna aya pulo leutik, aya saung, jeung lalaki nu keur nangtung dina rakit bari ngayuh. Teu, teu istimewa. Biasa bae. Matak baheula hare-hare ge.

Mimitina mah tina teu kahaja, waktu ningali aya tai cakcak napel lebah sasaungan eta lukisan, ku kuring disintreuk. Ngadadak aya nu nyedot, bet hayang merhatikeun ieu lukisan leuwih teleb.

Ieu lukisan teh saumur jeung budak nu cikal. Hartina, milu nyaksian sajarah rumah tangga kuring Kang Dedi. Sapuluh taun, enya sapuluh taun, lain waktu nu sakeudeung. Ieu lukisan, teu weleh milu ka mana kuring sakulawarga pindah. Teuing geus sabaraha kali pindah kontrakan, saacan boga imah nu ayeuna dicicingan. Diteundeunna, teu jauh…. Di dapur. Malah mah kungsi dianggap leungit sagala. Kaburu norojol nu boga kontrakan baheula, mikeun lukisan. Boro rek dilapurkeun. Tapi harita ge da teu ieuh ngarasa kaleungitan nu luar biasa, matak basa aya nu nganteurkeun deui teh biasa bae, teu melankolis.

Ti nu ngider meuli eta lukisan teh. Inget bae, basa kuring keur ngepel tepas hareup, torojol aki-aki mawa sababaraha lukisan pamandangan. Teu kungsi adu rega, creng wae meuli. Lain ku bogoh, tapi estu asa perlu meuli, lantaran tembok kontrakan teh rada beueus, pulasna marekplekan. Sugan ari ditutup mah rada teu kaciri kumuhna. Inget, limapuluh rebu hargana teh.

Matak memang sigana ku ukuran murah tea, eta lukisan teh diteundeunna di dapur teh.

Budak nu cikal nu mimiti protes teh, basa eta lukisan dipindahkeun ka rohang tamu.

“Si Mamah mani tidak punya selera pisan….”

Geus kitu salaki : “Nanaonan ieu lukisan pindah ka dieu…..enya ge lukisan pemandangan, tapi ngaganggu pemandangan.”

Untungna maranehna teu daek mindahkeun deui ka dapur. Alesanana mah nya bias diteguh, ku lantaran horeameun ari kudu dipindahekun deui mah. Kuring ge nitah ka tukang beca mindahkeun eta lukisan teh.

Keur boga orok sabenerna kuring teh, karek lima bulan. Najan kanyaah tamplok ka nu leutik, tapi siga asa kabagi dua jeung kana lukisan sidik ge. Nu panengah mah kungsi timburu:

“Si Mamah mah nyaah keneh kana lukisan batan ka Dimas....,” pokna teh, basa kuring keur nyusuan bari neuteup lukisan.

Bapana budak teh babaturanana loba nu seniman. Matak sakalian, kuring sok rajeun nanyakeun ka maranehna. Unggal tamu nu datang sok dipenta komentar ngeunaan eta lukisan.

“Naha jadi pindah ka rohang tamu? Pantes keneh di dapur,” ceuk komentar semah kahiji.

“Alus ieu lukisan teh,...alus disimpen di gudang,” ceuk nu kadua.

“Ded, selera maneh lain kalah beuki alus, euy,” ceuk nu sejenna.

Didenge-denge euweuh hiji oge komentar nu muji kana eta lukisan. Tapi mungguh kuring, naha lain kalah kapangaruhan, kalah beuki nyaah.

Nepi kahiji mangsa, datang sobat di heubeul, ngahaja mawa babaturanana nu jadi kolektor seni. Panasaran kuring teh ditingali ku manehna. Ngarah bisa kabaca pamikiran sorangan, naha kuring teh keur ngalaman metamorfosis rasa, dejavu, atawa ukur sentimentil mangsa-mangsa katukang bae.

Babaturan sobat teh melong bae kana eta lukisan teh. Semu nu kapincut pisan.

“Luar biasa,” pokna dina sela-sela paneuteupna. “Abdi bogoh kana ieu lukisan,...sabaraha kapungkur meserna, Bu? Bade diical deui moal?”

“Sabaraha wantunna kitu?” tanya teh.

“Abdi wantun sekitar....limapuluh juta.”

“Hah!” satengah kaget kuring ngadengena.

“Kirang keneh, Bu? Mangga ku abdi ditambihan janten tujuhpuluh lima juta.” Pokna deui.

Kuring teu ngomong, hate ratug. Tapi anehna ieu biwir bisa keneh nyarita:

“Ah, engke we, moal waka dikaluarkeun....” Sombong. Adigung. ...Lain! Tapi ngadenge ieu lukisan aya nu rek ngaduitan juta-juta kitu jadi beuki nyaah. Lebar.

Ka salaki mah teu kungsi dibejakeun.

Paingan, ayeuna-ayeuna kuring mindeng ngimpi ngeunaan eta lukisan. Ti mimiti kadatangan Si Aki nu kungsi ngajual eta lukisan: “Kahade, pupusti eta lukisan, hiji mangsa aya mangpaatna,” pokna, dina impian teh.

Kungsi oge kadatangan nu pajarkeun nu boga tandatangan dina eta lukisan, hartina manehna nu ngalukis. Sarua kolot cetuk huis, buuk ngaribrib. “Aki, mercayakaeun ieu lukisan ka hidep, Cu.” pokna.

Ti baheula ge kuirng mah kurang pecaya kana impian teh. Ku kuring teu weleh dianggap sugesti bae. Kena-kena, kuring keur migandrung kana lukisan nu mangtaun-taun teu kaperhatikeuin, kari-kari jul-jol impian-impian nu ukur jadi kembang sare wungkul.

****

“Geus saminggu si bungsu dirawat di rumah sakit H teh, keuna bronhitis. Karunya teuing, orok keneh, awakna geus ranteng ku kabel-kabel infusan. Kuring ukur neuteup dina kaca rohang ICU. Ceuk bapana mah teu meunang ceurik, cenah, bisi perasaanna nembus ka budak. Tapi da cimata indung mah beda deui. Kategeran ukur aya dina carita.

Bagilir, ngemitan teh. Bapana bagean peuting, ngarah beurangna bisa gawe. Ari kuring mah menta cuti, ka kantor.

Tadi ngacek ongkos rumah sakit...Ya Alloh geus ampir 30 juta. Abong rumah sakit alus. Lain teu hayang ka rumah sakit biasa., tapi rujukan ti rumah sakit samemehna ukur bisa kadieu. Keur nyalametkeun nyawa budak mah teu jadi masalah....ngan nyeta ari ningali ongkosna sakitu mah....rada baluweng.

‘”Mah, tadi wengi dokter nyarankeun yen imah teh ulah teuing loba barang-barang nu teu perlu...bisi aya pangaruh ka budak. Tadi bapa geus miceunan barang-barang urut,” Ceuk bapana budak basa datang rek ngemitan. Kuring mulang

Memang enya, rumasa teu pati apik ari kana ngurus imah teh. Teu cara batur ti buruan hareup nepi ka pipiur teh resik, rapekan. Nya meureun pangaruh ku sibuk duanana tea. Kuring sibuk bapana barudak sibuk, Nu antukna beberes teh sakasampeurna, teu negtog unggal minggu.

Geus niat jero hate teh, rek ngajual lukisan ka babaturan sobat nu jadi kolektor tea. Kakara kalenyepan ayeuna...impian-impian nu salila ieu ngaririwaan ngeunaan eta lukisan teh geuning mangpaatna ayeuna.

Rada peuting balik ka imah teh. Barang srog ka rohang tengah ge, geus asa aya nu beda. Bener, salaki teh geus beberesna. Rapih pisan...kabeh ditata kalawan bener, bareres. Beresih, kaasup lukisan.....leungit.

“Ka manakeun lukisan?” tanya teh satengah nyentak dina HP.

“Dijual ka tukang rongsok....Bahaya Mah, ceuk dokter teh bisi lukisan eta oge pangaruh tina panyakit budak.”

Ya, Alloh....aya bagja teu daulat......Bagja budak bagja awak.......

Rancaekek, 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar