Wilujeng sumping di blog sundangaco. Ieu blog bebas diaos ku saha wae oge, nu mitineung jeung nu miceuceub kana basa Sunda. Muga-muga ku ayana ieu blog sing tiasa janten pangbeberah manah nu maos, panglipur kalbu nu nuju murukusunu lantaran can dipaparin pibeaseun. Ananging, boh bilih aya nu nyangki ieu blog teh basa Sundana ngacapruk kamana karep, moal ieuh digugat. Di sagedengeun eta oge, aya sababaraha aosan anu daria tur mangpaat kanggo bahan pangajaran. Nyanggakeun.
Selasa, 16 Juni 2009
Serpis Tipi
Si Kabayan ngomean televisi ka tukang serpis. Sanggeus beres ditingali, singhoreng gambarna aya tapi sorana euweuh. Dibawa deui ka tukang serpis. Sanggeus diomean, dibawa balik deui. Ayeuna mah tibalik sorana aya, gambarna euweuh. Tuluy dibawa deui ka tukang serpis. Diomean deui. Sanggeus beres sorana aya, gambarna aya, tipina...euweuh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar