Pangmalesna ieu Budak
“Ujang ,Jang ,pangmeulikeun Kapal Api opat bungkus.Ieu keur Pa RT ,Pa Lurah ,jeung Bapa !”,Bapa nitah keur Ujang. Tiasa ,Ujang mah sok ngaleuweuh mun dititah .
“Ieu urang keur rame ulin PS 2 ,ditiah deui …dititah deui ….mangga Pa,” Ujang kaluar babari lemes jeung kusut buukna .Bapa ningalina oge pikageluheun ,lantaran nyaho si Ujang tara mandi .
“Tah ,ieu duitna ,Jang …Duh ,sanggeus eta ,maneh kudu mandi !Ih ,abdi mah malu ningali maneh kusut kitu…”
“Ya ,ya kuring moal bakal mandi….eh salah ,moal bakal tara mandi deui !”,ceuk Ujang babari lumpat ka warung .Pa RT ,Pa Lurah ,jeung Bapa ngaleuweung-leweung ningalina .
Kalakuan Ujang teh lantaran ayeuna keur libur kelas .Libur teh nyisakeun 5 poe deui ,nu matak si Ujang beuki “teu waras” .Contohna ,tara mandi ,ulin PS 2 nepi ka subuh-subuh ,jeung sajabana .Ieu teh pikeun si Ujang puas kana liburanana ,jeung henteu kudu diajar ku buku deui dina liburan mah .Ieu teh kasempetan nu alus pisan ,eta nu dipikiran Ujang mun rek liburan teh .
“Mandi ,Jang !”Bapa nitah kitu ka Ujang ,asa si Ujang teh kandeul bengeut lantaran geus kelas 2 SMP masih keneh dititah kitu .Si Ujang geus tiasa ngadengekeun ,nyokot handuk jeung sabun babari lemes ka kamar mandi .Tos mandi ,si Ujang mah geus aya di kamarna deui ulin PS 2 .Kitu we tingkah polah si Ujang dina liburan teh .
Henteu karasa ,si Ujang kudu asup sakola .Babari hoream jeung tunduh ,si Ujang diajar di kelas .Ngan si Ujang wungkul nu pangmalesna ,babaturanna getol diajar kusabab rek asup Sapuluh Besar .Poe ieu barudak sakola geus dibere loba PR ,geus nyaho si Ujang moal ngagawekeun eta PR .Mun isuk-isuk ,si Ujang sok nyontek tina PR batur .Mun si Ujang ngagawekeun PR , eta teh geus barokah tina Tuhan ,kitu anu dipikiran barudak kelas kana si Ujang .
“Ieu teh aya PR MAT ,BIOLOGI ,EKONOMI ,jeung Basa Inggris …Geuslah ningali kana batur .””Ken , Ken ,isuk-isuk kuring minjeum PR maneh ! “ ceuk si Ujang .”Sok lah ,kuring minjeuman PR kuring isuk-isuk .” saur Kenny.
Minjeum PR atawa nyontek boga batur geus jadi kamus dina si Ujang .Eta nu nyieun nilai-nilai si Ujang beuki butut jeung jeblok lantaran tara nyieun PR sorangan .Mun ulangan oge tara diajar heula ,da tinggal nyontek kana babaturana nu pinter .Di imahna ,si Ujang sok ulin .Mun diajakan gawe kalompok ,sok embung jeung nyieun alasan .Misalna ,manggihan batur nu sakit ,si Ujang sorangan sakit ,atawa les .Jadi ,si Ujang ngan numpang name dina kalompok teh .
Isuk-isuk …geus tiasa si Ujang keur nyalin PR boga batur .Namung tingkah polah si Ujang dipikanyahoan ku Pa Mandes ,Guru Fisika nu sok ambek-ambekan .Ningali aya budak nu keur nyalin PR ,dicarekan jeung dibejaken jeung wali kelas .Wali kelasna ,Pa Regi ,sarua galakna jiga Pa Mandes .Puas tah dicarekan ku 2 guru galak ,pikir babaturanna da si Ujang eta pikasebeleun .
“Hampura Pa ,hampura ,Pa ,abdi moal nyieun PR di sakola deui…”segruk ceurik si Ujang teh .Namung ,Pa Mandes jeung Pa Regi keukeuh mawa si Ujang ka kepsek. Sanggeus diadukan kana kepsek ,bapana si Ujang dipanggihan babari dibere laporan nilai .Sabab ,si Ujang sok nyumputken laporan nilai ,raport oge disumputkeun .
Ahirna ,bapa geus nyaho si Ujang keur naon wae di sakola .Ayeuna,Bapa leuwih getol ngontrol jeung merhatikeun tingkah polah si Ujang .PS jeung kaulinan digembok ambeh henteu dipake ulin si Ujang .Sapopoe…si Ujang kudu migawean PR nu aya .
Tidak ada komentar:
Posting Komentar