Kamis, 18 Juni 2009

Carpon

URIG TIGUBRAG

Malem Jumaah kaliwon, tukang dèlman balik peuting. Di jalan manèhna ngomong sorangan. Pokna kieu cenah, “Jalan ka mana balik tèh. Ka jalan gedè jauh teuing, ari ka sasak keueung. Ah, mending jalan ka sasak wè lah, moal aya nanaon meureun. Rek dicobaan wè.”

Basa tukang dèlman ngaliwat ka sasak, aya hiji awèwè. Eta awèwè tèh ngagupayan. Tukang dèlman ngeureunkeun kudana bari sieun. Tukang dèlman nanya, “Badè ka mana, Tèh?”

Eta awèwè tèh ngajawab, “Badè uih!” cenah. Tukang dèlman ngajak ka èta awèwè naèk kana dèlmanna. Bakat ku sieun, dèlmanna digancangkeun. Ari ngaieuk ka tukang, èta awèwè tèh ngaleungit teuing ka mana. Gebeg teh tukang dèlman reuwas, “Har, ka mana awèwè tèh bet euweuh? Moal salah manèhna teh jurig.”

Nepi ka imahna, tukang dèlman tèh paranas tiris. Ku pamajikanana ditanya, “Ku naon Bapa tèh bet panas tiris?”

“Eta, kuring tèh papanggih jurig,” jawab tukang dèlman.

“Naha jalan ka mana kitu balikna?”

“Jalan ka sasak.”

“Naha atuh bet jalan ka sasak, nyaho di dinya mah sanget!”

Malem isukna, tukang dèlman tèh balik peuting deui. Manèhna geus bingung deui baè, kudu balik jalan mana. Rèk ka jalan gedè da jauh. Rèk jalan ka sasak sieun siga kamari papanggih jeung jurig. “Ah, ka sasak deui baè ah, sugan moal aya peuting ieu mah.”

Basa nepi ka sasak, aya awèwè nu kamari deui. Tukang dèlman tèh eureun bari pohara sieunna. Samèmèh naèk, pok èta awèwè tèh ngomong,” Mang, ari Emang ku naon ngajalankeun dèlman tèh mani tarik-tarik teuing, basa malem kamari abdi tepi ka labuh.”

Tukang dèlman ukur colohok.

“Har, Tètèh tèh geubis? Panyana tèh...jurig, boro ku emang teu ditulungan..”





Laksmi

9D-24

Tidak ada komentar:

Posting Komentar